Asslamu’alaikum wr. Wb
Nu dipika hormat Bapak Kepala Sekolah, sareng Bapak Ibu Guru
SMPN 1 Luragung, teu hilap rerencangan sadayana anu di pika deudeuh. Langkung
tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareung syukur ka kersaning
Gusti Allah SWT, anu parantos masihan nikmat sehat jasmani, sareng rohani,
kalayan tiasa kempeul dina dintuen ieu. Teu hilap solawat sareng salam mugi
tetep ngocor ka junjungan urang Nabi Muhammad Saw, ka keluargina sareng
sohabatna, teu hilap oge ka urang sadaya salaku umatna sampe akhir jaman, Amin.
Saderek sadaya nu dipika hormat,,,
Salajeungna abdi cumarios didieu
bade ngawartoskeun “Perluna Para Rumaja Ngamumule Basa Sastra Sunda
Jeung Seni Budaya Sunda”.
Ku saha deui atuh upami teu di mumule ku urang sadaya.
Duh Kacida hanjakalna upami basa sunda dugi ka teu di
perhatoskeun deui ku urang. Bade kumaha upami anak incu urang basa sundana deet
pisan. Komo mun sampe teu tiasa ngomong make Basa Sunda, teu bisa ngabedakeun
antara basa sunda leumeus sareng kasar, Teu teurang naon adat jeung kebudayaan
sunda, Boa-boa lamun hayang diajar basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu
ngulik ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia teu aya ahlina. Atuh
basa Sunda teh kari waasna wae, kari sajarah, di Jawa Barat teh baheulana marake
basa Sunda. Deudeuh teuing Ki Sunda.
Saderek sadaya nu dipika hormat,,,
Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda jeung budaya
sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan
jeung budayaaan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja.
Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa sareng budaya
basa Sunda teh iwal ti urang. Kanggo ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah,
budaya nasional, Basa Sunda sareng Budaya Sunda teh milik urang, milik urang
Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda,sareng kebudayaan sunda
mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Saderek sadaya nu dipika hormat,,,
Rupina mung sakitu anu tiasa abdi
tepikeun. Hapunteun anu kasuhun pami aya cariosan anu kirang merenah. Hatur
nuhun ka sadayana.
wabillahi’taupik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. wb.
wabillahi’taupik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. wb.
NAMA
|
:
|
ELINA
JULIANI
|
NO PESERTA
|
:
|
20-063-089-8
|
KELAS
|
:
|
IXB
|
RUANG
|
:
|
5
|
TUGAS
|
:
|
NASKAH PIDATO SUNDA
|
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapustolol
HapusParah sia
HapusKirang merenah
BalasHapusBocah ngasal
BalasHapus