Minggu, 22 April 2012

PIDATO BASA SUNDA "PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA"

Asslamu’alaikum wr. Wb
Nu dipika hormat Bapak Kepala Sekolah, sareng Bapak Ibu Guru SMPN 1 Luragung, teu hilap rerencangan sadayana anu di pika deudeuh. Langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareung syukur ka kersaning Gusti Allah SWT, anu parantos masihan nikmat sehat jasmani, sareng rohani, kalayan tiasa kempeul dina dintuen ieu. Teu hilap solawat sareng salam mugi tetep ngocor ka junjungan urang Nabi Muhammad Saw, ka keluargina sareng sohabatna, teu hilap oge ka urang sadaya salaku umatna sampe akhir jaman,  Amin.
Saderek sadaya nu dipika hormat,,,
Salajeungna abdi cumarios didieu bade ngawartoskeun Perluna Para Rumaja Ngamumule Basa Sastra Sunda Jeung Seni Budaya Sunda”. Ku saha deui atuh upami teu di mumule ku urang sadaya.
Duh Kacida hanjakalna upami basa sunda dugi ka teu di perhatoskeun deui ku urang. Bade kumaha upami anak incu urang basa sundana deet pisan. Komo mun sampe teu tiasa ngomong make Basa Sunda, teu bisa ngabedakeun antara basa sunda leumeus sareng kasar, Teu teurang naon adat jeung kebudayaan sunda, Boa-boa lamun hayang diajar basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu ngulik ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia teu aya ahlina. Atuh basa Sunda teh kari waasna wae, kari sajarah, di Jawa Barat teh baheulana marake basa Sunda. Deudeuh teuing Ki Sunda.
Saderek sadaya nu dipika hormat,,,
Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda jeung budaya sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayaaan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja. Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa sareng budaya basa Sunda teh iwal ti urang. Kanggo ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, Basa Sunda sareng Budaya Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda,sareng kebudayaan sunda mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Saderek sadaya nu dipika hormat,,,
Rupina mung sakitu anu tiasa abdi tepikeun. Hapunteun anu kasuhun pami aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun ka sadayana.
wabillahi’taupik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. wb.

NAMA
:
ELINA JULIANI
NO PESERTA
:
20-063-089-8
KELAS
:
IXB
RUANG
:
5
TUGAS
:
NASKAH PIDATO SUNDA


5 komentar: